Selasa, 15 Maret 2011

Carpon Dikantunkeun ku si eneng


Dikantunkeun Si Oneng

Meuni asa cuang-cieung,soantena dugikeun.Asa teu sangka atuda,kamarina jagjag warikas,nuju lulucuna,awakna gendut bersihmbuluna koneng gomplok.mantak di namian koneng.Basa abdi nuju nelepon di wartel,A jajang,raka abdi gegeroan.
”Ita! Ita! Ucing lucu” saurna.Ah,ku abdi the di antep we,da tos biasa si oneng mah lucu,malihna sok tataekan kana kenteng sagala.ari teu kungsi lami A Jajang ngadeor panto wartel bari nyarios,”Itu ucing paeh! Bonge pisan di geroan titatadi.nguping si oneng paeh,abdi reuwas,”ihh,atuh kukupingan abdi mah ucing lucu !”gagang telepon di babetkeun,gancang abdi muru Si Oneng nu keur ngagoler di jalan.
Ari di tingali,si oneng boborot ku getih,abdi nagis teu tega ningali Si Oneng anu buburelengan sakarat.A Jajang kutuk gendengnyarekan jalmi nu kabur sanggeus nabrak si oneng.si oneng, dipangku dialihkeun ka buruan,gancang abdi nyandak Koran kanggo tilamna,da karunya ari di golerkeun dina teneuh mah.Di bumi nuju teu aya sasaha,ibu sareng bapa nuju di bumi ua.Tadina mah si oneng moal waka dikuburkeun,bade ngantosan heula bapa,tapi kaambeu bau.abdi nelepon ka bapa,ngawartosan si oneng bau,nya waleran ti bapa saurna kuburkeun wae,teu kedah nungguan Bapa margi bap amah bilih lami teuing.
Harita the tabuh dalapan wengi,abdi nugguan si oneng anu nuju ngagoler ditutupan ku Koran.Ari a Jajang mah nuju ngali liang kanggo ngubur si oneng.Tosa aya kana satengah jam na,si oneng can keneh di kuburkeun,samalih bapa sareng ibu oge kabujeng mulih.Geuningan di kuburkeun? Saur bapa bari mukakeun Koran anu nutupan si oneng.
Muhun pa,Liangna teu acan jero.Lami atuh da,teu aya pacul,ngandeulkeun ieu we,ku peso dapur,Saur a jajang bari tonggoi ngagali taneuh.Bapa anu kacida nyaaheuna Ka si oneng,terus bari ngusapan si oneng bari sasauran semu dareda,dedeuh teuing si oneng,nurustunjung pisan nu nabrakna! Sing cilaka siah! Saurna bari ambek-ambeukan kanu nabrak si oneng.Liang kanggo ngubur si oneng tos beres,si oneng di buleun ku kaen bodas,di hijikeun sareng andukna.Tos beres di rung, teras ngaggo ciri,di kembang melatian sareng di tanceuban batu.
Dirorompok anu leuingiteun.Nu biasa aya nu sok ngagugahkeun ari subuh ,ayeu n amah teu aya.Nu biasa aya suara nu kekencrengan,ayeuna mah sepi.Sadaya na ge ngahanjakalkeun di kantunkeun Ku si oneng the,kumargi ucing na lucu sareng apet ka sasaha,kantenan ku nu osok masihan parab mah,teu kaop ngaringkam sok terus ajret-ajretan.
Oneg……Oneng,pileuleyan,jigana moal tiasa mendak deui ucing nu lucuna siga oneg…

0 komentar:

Posting Komentar