Selasa, 15 Maret 2011

Biantara Perpisahan kelas 3


Bismillahirrahmannirrahim
            Assalamu’alaikum Wr.Wb
            Bapa pupuhu sakola anu sim kuring dipikahormat,Bapa sareng ibu guru hormaten sim kuring,rerencangan sapapait samamanis anu ku sim kuring dipikadedeuh sareng dipikacinta.
            Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka dzat nu murbeng alam;allah aza wa jalla anu parantos masihan mangpirang-pirang kani’matan tug dugi ka ayeuna.ku kersa mantenna,urang sadaya tiasa ngariung mangpulung di ieu tempat dina raraga kuda lumping.
            Salawat miwah salam mugia salamina ngocor ngalontor ka jungjunan urang sadaya habina wanabiyana Muhammad SAW.Teu kalangkung ka para kulawargana,sohabatna,oge ka para umatna anu salamina tumut kana syare’at anu di candakna.
            Dina ieu kasempetan sim kuring hoyong ngahaturkeun sewu nuhun nu teu aya hinggana ka para ibu miwah bapa guru anu parantos ngaping ngajaring ngaraksa-ngariksa sim kuring sadaya,boh dina akhlakna boh dina pandidikanna,dugikeun ka sim kuring sadaya tiasa ngarengsekeun palajaran dugi ka kenging ijazah.Salami tilu taun sim kuring sadaya sasarengan sareng ibu miwah bapa guru.salami eta kantenan bae aya tatali batin nu nganteng antawis ibu bapa guru sareng sim kuring sadaya,teu aya bantenna anggapan sim kuring sadaya lir ka ibu bapa pituin.
            Sakedap deui sim kuring sadaya bakal ngantunkeun ibu miwah bapa guru kanggo milari elmu sareng pangalaman anu langkung jembar.Teu,aya hiji kagumbiraan nu langkung ti naon bae salian ti abdi sadaya tiasa ngalaksanakeun nu di wejangkeun ku ibu miwah bapa guru nalika abdi sadaya sasarengan di dieu sanaos engke paanggapang hate mah angger sumoreang.Mugi-mugi wae urang sadayana aya dina wahmat allah.
            Teu aya deui nu tiasa di kedalken,mung abdi sadaya ngadu’a ka allah subhanahu wata’ala,supados bapa miwah ibu guru di pasihan berkah kasalametan,kasehatan,taufik sareng hidayah ti allah.
            Atuh sawangsulna abdi sadaya nyuhungkeun pangjurung du’a ti ibu miwah bapa guru,supados tiasa neraskeun ka sakola nu langkung luhur serta tiasa ngahonatal cita-cita.
            Sakitu anu kapihatur,bobo sapanon carang sapakan.hapunteun bilih aya kalepatan.
            Bilahitaufiq walhidayah wassalamu’alaikum Wr.Wb

0 komentar:

Posting Komentar